31 May 2017

Sesebutan Usum-Usuman

  • Usum mamaréng = usum mimiti rék ngijih.
  • Usum ngijih = usum hujan, ngecrek saban poé.
  • Usum dangdarat = usum panyelang antara usum hujan jeung halodo (sakapeung hujan sakapeung halodo)
  • Usum katiga= usum halodo
  • Usum barat = usum angin badag nu jolna ti kulon (pacampur jeung hujan).
  • Usum selatam = usum loba angin nu jolna ti juru kidul-wétan.

Nu Patali jeung Kaayaan Masarakat

  • Usum pagebug = usum loba nu gering parna, loba nu maot.
  • Usum sasalad = usum loba panyakit nu tépa.
  • Usum patepok = usum loba nu kawin.
  • Usum tigerat/paceklik = usum paila, nyaéta kurang dahareun (biasana nuduhkeun kana usum kurang paré atawa béas).

Nu Patali jeung Tatanén

Tatanén di Sawah

  • Uaum nyambut = usum mitembeyan ngagarap sawah (macul, ngawuluku, jsb.).
  • Usum tandur = usum melakkeun binih paré di kotakan.
  • Usum ngarambét = mangsana patani miceunan jukut nu jaradi diantara tangkal paré.
  • Usum celetu = mangsa paré geus mimiti cul-cel aya buahan hiji dua.
  • Usum beukah = mangsa paré geus loba buahna nu barijil.
  • Usum rampak = mangsa paré geus rata/papak bareukah.
  • Usum panén = mangsa dibuat, ngala paré.
  • Rumpak jarami = sabada panén.

Tatanén di Huma

  • Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun.
  • Usum ngahuru = usum ngabeuleum kai jeung kakayon séjénna nu geus gararing.
  • Usum ngaduruk = usum meresihan sarta ngadurukan kai nu can kabeuleum waktu ngahuru pikeun meresihan lahan keur diaseukan.
  • Usum ngaseuk = usum melak paré (di huma) ku cara nyocog-nyocogkeun kai nu meunang nyeukeutan tungtungna sarta tapakna diasupan binih paré (bangsal).
  • Usum ngoréd/ngoyos = usum meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku parabot koréd.
  • Usum dibuat/ngétém = usum ngala paré kalawan make parabot étém.
  • Usum ngunjal = usum mawaan paré ti huma ka leuit (ka lembur).

19 May 2017

SESEBUTAN WAKTU


SERATAN DIHANDAP IEU NGUNINGAKEUN KECAP SESEBUTAN WAKTU DINA BASA SUNDA


Sesebutan Waktu/Wanci dina Sapoé Sapeuting
  • Tumorék = kira-kira tabuh 01.00
  • Janari leutik = kira-kira tabuh 02.00
  • Janari gedé = kira-kira tabuh 03.00
  • Kongkorongok hayam = kira-kira tabuh 04.00
  • Balébat = kira-kira tabuh 05.00
  • Carangcang tihang = kira-kira tabuh 06.00
  • Meleték panonpoé = kira-kira tabuh 07.00
  • Ngaluluh taneuh = kira-kira tabuh 08.00
  • Haneut moyan = kira-kira tabuh 09.00
  • Rumangsang = kira-kira tabuh 10.00
  • Pecat sawed = kira-kira tabuh 11.00
  • Tangagé = kira-kira tabuh 12.00
  • Lingsir = kira-kira tabuh 13.00
  • Kalangkang satangtung = kira-kira tabuh 14.00
  • Ménggok = kira-kira tabuh 15.00
  • Tunggang gunung = kira-kira tabuh 16.00
  • Sariak layung = kira-kira tabuh 17.00
  • Sareupna = kira-kira tabuh 18.00
  • Harieum beungeut = kira-kira tabuh 19.00
  • Sareureuh budak = kira-kira tabuh 20.00
  • Tumoké = kira-kira tabuh 21.00
  • Sareureuh kolot = kira-kira tabuh 22.00
  • Indung peuting = kira-kira tabuh 23.00
  • Tengah peuting = kira-kira tabuh 24.00
Sesebutan Waktu Séjenna

  • Sakedét nétra = (asalna sakedép nétra), kedép hartina kiceup, jadi sakedét nétra hartina sakiceup, nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan.
  • Saharita = harita kénéh.
  • Sakilat = nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, méh saharti jeung sakiceup, diupamakeun kana lilana kilat nu ngaburinyay.
  • Sapanyeupahan = nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira sarua lilana jeung keur anu nyeupah.
  • Sapangéjoan = nuduhkeun waktu anu rada lila, kira-kira sarua lilana jeung nu keur ngéjo (nyangu).
  • Sajongjonan = sawatara sekon (sababara detik).
  • Sakedapan = saharita, jero sawatara sekon.
  • Sapoé mokét = salilana beurang, ti mimiti bijil panonpoé nepi ka sareupna.
  • Sapeuting jeput = salila peuting, ti sareupna nepi ka bray beurang.
  • Sabulan campleng = sabulan jejeg, sabulan panceg.
  • Saumur jagong = kira-kira tilu bulan satengah.
  • Sataun landung = sataun leuwih.
  • Sawindu = dalapan taun.
  • Saabad = saratus taun.
  • Sausum = sakali usum, hanteu lana.

Sesebutan Nu Nuduhkeun Waktu Séjénna deui


  • Poé ieu disebut ayeuna
  • Poé nu geus kaliwat sapoé disebut kamari
  • Poé sanggeus kamari disebut mangkukna• Sapoé nu bakal datang disebut isukan
  • Sapoé sanggeus iaukan disebut pagéto• Sanggeus pagéto disebut pagéto amat
  • Waktu nu cikénéh karandapan disebut bieu• Wakru nu karék kaliwat disebut tadi
  • Waktu nu geus lila kaliwat disebut baréto• Waktu béh ditueun baréto disebut baheula
  • Waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan disebut engké
  • Waktu nu bakal datang (lila kénéh) disebut jaga/isuk jaganing pagéto/baring supagi/iraha-iraha.

Sesebutan Usum-Usuman

Usum mamaréng = usum mimiti rék ngijih. Usum ngijih = usum hujan, ngecrek saban poé. Usum dangdarat = usum panyelang antara usum hujan je...