31 May 2017

Sesebutan Usum-Usuman

  • Usum mamaréng = usum mimiti rék ngijih.
  • Usum ngijih = usum hujan, ngecrek saban poé.
  • Usum dangdarat = usum panyelang antara usum hujan jeung halodo (sakapeung hujan sakapeung halodo)
  • Usum katiga= usum halodo
  • Usum barat = usum angin badag nu jolna ti kulon (pacampur jeung hujan).
  • Usum selatam = usum loba angin nu jolna ti juru kidul-wétan.

Nu Patali jeung Kaayaan Masarakat

  • Usum pagebug = usum loba nu gering parna, loba nu maot.
  • Usum sasalad = usum loba panyakit nu tépa.
  • Usum patepok = usum loba nu kawin.
  • Usum tigerat/paceklik = usum paila, nyaéta kurang dahareun (biasana nuduhkeun kana usum kurang paré atawa béas).

Nu Patali jeung Tatanén

Tatanén di Sawah

  • Uaum nyambut = usum mitembeyan ngagarap sawah (macul, ngawuluku, jsb.).
  • Usum tandur = usum melakkeun binih paré di kotakan.
  • Usum ngarambét = mangsana patani miceunan jukut nu jaradi diantara tangkal paré.
  • Usum celetu = mangsa paré geus mimiti cul-cel aya buahan hiji dua.
  • Usum beukah = mangsa paré geus loba buahna nu barijil.
  • Usum rampak = mangsa paré geus rata/papak bareukah.
  • Usum panén = mangsa dibuat, ngala paré.
  • Rumpak jarami = sabada panén.

Tatanén di Huma

  • Usum nyacar = usum nyacar leuweung pikeun pihumaeun.
  • Usum ngahuru = usum ngabeuleum kai jeung kakayon séjénna nu geus gararing.
  • Usum ngaduruk = usum meresihan sarta ngadurukan kai nu can kabeuleum waktu ngahuru pikeun meresihan lahan keur diaseukan.
  • Usum ngaseuk = usum melak paré (di huma) ku cara nyocog-nyocogkeun kai nu meunang nyeukeutan tungtungna sarta tapakna diasupan binih paré (bangsal).
  • Usum ngoréd/ngoyos = usum meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku parabot koréd.
  • Usum dibuat/ngétém = usum ngala paré kalawan make parabot étém.
  • Usum ngunjal = usum mawaan paré ti huma ka leuit (ka lembur).

No comments:

Post a Comment

Sesebutan Usum-Usuman

Usum mamaréng = usum mimiti rék ngijih. Usum ngijih = usum hujan, ngecrek saban poé. Usum dangdarat = usum panyelang antara usum hujan je...